Follow Us

Selasa, 24 Juli 2012

Bobodoran Sunda

Pada artikel kali ini kami ingin mencoba mengangkat budaya sunda, sambil kita "NGABUBURIT", ada beberapa bobodoran sunda yang ingin kami tulis.
HAYANG DUA NANA
Tukang Rambutan : "Rambutan, rambutan, bade rambutan. Si madu tea, dijamin ngolotok jeung amis. Neumbe jol pisan ti Bekasi".
Tukang Moci : Mangga Moci asli ti Sukabumi. Moal hanjakal, dijamin peuleum sareung pedo. Neumbe dikintun pisan ti pabrikna.
Samsu : Kumaha nya? Kuring teh rambutan hayang. Nenjo moci kabita, seudeung duit pas-pasan. Lamun meuli rambutan jeung moci tangtu kuring moal boga ongkos jang balik.
Tukang Dagang : Bade ieu?
Samsu : Dagang naon?
Tukang Dagang : Rambutan rasa moci.
Samsu : Tah kabeuneuran, cing meuli sabungkus.

TABRAK LARI
Pulisi : Maneh ngalakukeun tabrak lari, hayu ngilu ka kantor!
Nu Nabrak : Teu pisan-pisan Pa!
Pulisi : Geuningan tadi make indit, lamun teu ka udagmah meureun teurus kabur.
Nu Nabrak : Abdi mah teu kabur.
Pulisi : Naha siah make rurusuhan indit?
Nu Nabrak : Abdimah sanes kabur, maksad teh milarian kantor pulisi bade bade ngalaporkeun yen abdi tos nabrak jalmi. Mung titadi teu meundakan kantor pulisi na.
Pulisi : Pamohalan, kabur ti Sukabumi neupi ka Ciranjang make nyeubutkeun euweuh kantor pulisi.
Nu Nabrak : Dupi nu katabrak na teu nanaon?
Pulisi : Kapan aing, tuh ukur lecet saeutik.

TEU NGARTI
Samsu : Teu ngarti uingmah ka hakim jaman ayeuna.
Dudung : Na kumaha kitu?
Samsu : Eunya babaturan urang teu pira ge maling tambang mani dihukum opat taun. Seudeung nu korupsi ratus-ratus juta ukur dihukum dua taun.
Dudung : Piraku, memang tambang kumaha nu dipaling na?
Samsu : Tambang biasa. Ngan dina tungtung tambang na aya mundingan.
Dudung : Maling munding kitumah ngaran na.

0 comments:

Posting Komentar

Ditunggu partisipasinya